Rabu, 02 Januari 2019

WEJANGAN TI PAIMBARAN: Bag-Bagan jeung Conto Hutbah

Penulis :
Dr. H. Tata Sukayat, M.Ag
Cetakan I, September 2018
160 Halaman
ISBN : 978-602-7973-71-8
Harga Rp. 45.000
 
 
Islam teh Sunda, Sunda teh Islam. Lir ibarat uyah jeung asinna, gula jeung amisna. Eta kaayaan jeung kayakinan nu kalintang agungna, nu wajib dijaga, diriksa ku sakumna urang Sunda, ulah dugi ka pupus ku waktu, laas ku mangsa. Komo nyanghareupan sagala cucuk rungkang kahirupan jaman kiwari nu leuwih beurat alabatan jaman baheula. Urang Sunda kudu bisa ngajiga, ngajega, ngajag, jeung ngajago dina sagala widang tur sagala mangsa. Keur ngupayakeun, diperlukeun tarekah nu langkung anteb ti sakumna urang Sunda.

Buku WEJANGAN TI PAIMBARAN medar ngeunaan prak-prakan hutbah (fikih hutbah), materi/bahan praktis hutbah Juma'ah, Idul fitri sareng Idul Adha anu eusina patali sareng parentah jeung larangan Alloh. Kumaha ngajaga, ngariksa hubungan manusa jeung Alloh, manusa jeung manusa, sarta manusa jeung alam. 

Materi tiasa langsung dianggo hutbah sareng biantara ku para wargi sadaya, khususna para hotib oge mubaligh. 

*) Harga sewaktu-waktu bisa berubah



Informasi/Pemesanan hubungi : 
Pemasaran Simbiosa Rekatama Media : 022 5208370, 0877 1755 0039

Tidak ada komentar: